Selasa, 17 November 2009

Sebutan Waktu dina Sapoe Sapeuting

  • Janari gede
    kira-kira jam 01.00 tepikuen ka jam 03.00
  • Janari leutik
    kira-kara jam 03.30 tepikeun ka jam 04.30
  • Balebat
    waktu panon poe deuk kalua, pajar geus katingali beulah wetan, kira-kira jam 04.30
  • Carangcang tihang
    tetenjoan masih keneh remeng-remang panon poe can caang pisan, kira-kira jam 05.00
  • Haneut moyan
    keur meumeujeuhna ngeunah dipake moyan, kira-kira jam 07.00 - 08.30
  • Rumangsang
    waktu dimana panon poe geus karasa panasna, kira-kira jam 09.00
  • Pecat sawed
    dicirian ku dileupasna sawed tina beuheung munding asnu dipake ngawuluku sawah
    kira-kira jam 10.00
  • Manceran
    panon poe pas pisan dina luhureun sirah, kira-kira jam 12.00
  • Wanci lingsir ngulon
    panon poe geus mimiti ngageser ka beulah kulon, kira-kira jam 13.00
  • Wanci panon poe satangtung
    ditandaan ku kalangkang panon poe anu saluhur awa, kira-kira jam 15.00 (jam 3 sore)
  • Tunggang gunung
    dimana panon poe mulai surup dina luhureun gunung, kira-kira jam 16.00 - 17.00
  • Sariak layung
    langit beulah kulon warnana burahay beureum, kira-kira jam 17.00 - 18.00
  • Sareupna
    jagat geus mimiti poek barudak geus teu meuang ulin diluar, kira-kira jam 18.30
  • Sareureuh budak
    barudak leutik geus carapeeun ulin jeung geus mimiti baralik ngaji, kira-kira jam 20.00
  • Tengah peuting
    sedek kayaan sepi jempling jeung jelma ngeunah sare, kira-kira jam 24.00